Melengkapi Kalimat Bahasa Sunda dengan Tema Pariwisata



Sanggeus bieu hidep maca atawa ngabandungan pangalaman Ratna jeung Galih, pék ku hidep lengkepan kalimah di handap.

(Setelah barusan kalian membaca atau menyimak pengalaman Ratna dan Galih, sekarang kalian lengkapi kalimat di bawah.)



Pangalaman Ratna
1. Waktu diajakan piknik téh kabeneran geus tilu poé Ratna keur peré sakola.
(Waktu diajak piknik kebetulan sudah tiga hari Ratna lagi libur sekolah.)

2. Bibi Yanti ngajakan piknikna téh babarengan jeung batur sakantorna.
(Bibi Yanti mengajak piknik bareng bersama dengan teman sekantornya.)

3. Diajakan piknik ku bibina téh Ratna mani ngarasa atoh.
(Diajak piknik sama bibinya, Ratna merasa senang.)

4. Dina poéan rék indit piknik, Ratna hudangna gé mani subuh kénéh.
(Waktu hari mau piknik, Ratna bangun tidurnya subuh-subuh.)

5. Jalan ka Kawahputih ti mimiti Ciwidéy téh terus-terusan nanjak.
(Jalan ke Kawahputih dari mulai Ciwidey terus-terusan nanjak.)

6. Di sisi jalan anu kaliwatan Ratna nempo kebon strobéri jeung palawija.
(Di pinggir jalan yang dilewati, Ratna melihat kebun stroberi dan palawija.)

7. Ratna meunang katerangan yén Kawahputih téh ayana di Gunung Patuha.
(Ratna mendapat keterangan bahwa Kawahputih terletak di Gunung Patuha.)

8. Pangna disebut Kawahputih téh lantaran warnana bodas.
(Sebab disebut Kawahputih karna warnanya putih.)

9. Di kiduleun Kawahputih aya tempat wisata séjénna, nyaéta Situ Paténggang.
(Di selatan Kawahputih ada tempat wisata lainnya, yaitu Situ/Danau Patenggang.)

10. Pangalaman piknik ka Kawahputih téh pikeun Ratna matak nineung.
(Pengalaman pikin ke Kawahputih bikin Ratna jadi kangen.)

Pangalaman Gilang
1. Ari pangalaman Gilang mah piknikna téh ka kebon binatang.
(Kalau pengalaman Gilng pikniknya ke kebun binatang.)

2. Angkot anu ditumpakan ku Gilang sabatur-batur henteu suat-siet siga nu babalapan.
(Angkot yang ditumpangi Gilang dan teman-temannya tidak ugal-ugalan seperti balapan.)

3. Gilang mah piknik ka kebon binatang téh geus rada mindeng.
(Gilang piknik ke kebun binatang sudah lumayan sering.)

4. Bapa Guru ngomat-ngomatan sangkan barudak ulah papencar.
(Bapak Guru mewanti-wanti agar anak-anak tidak berpisah.)

5. Anu dituduhkeun ku Ridwan nyaéta maung keur diparaban.
(Yang ditunjuk Ridwan yaitu harimau sedang dikasih makan.)

6. Maya ujug-ujug ngajerit bari lumpat sabab nempo oray.
(Maya tiba-tiba menjerit sambil lari karena melihat ular.)

7. Anu nyarék Maya tong deukeut teuing nempo gajah nyaéta Fatimah
(Yang melarang Maya jangan terlalu dekat melihat gajah yaitu Fatimah.)

8. Anu nyebutkeun Maya diibakan gajah nyaéta Ridwan
(Yang menyebutkan Maya dimandikan gajah yaitu Ridwan.)

9. Tapi ahirna mah Gilang ogé ngalaman disemprot ku gajah
(Tapi akhirnya Gilang merasakan juga disemprot gajah.)

10. Harita Gilang ngan ukur ngomong ah dasar gajah, ada-ada sajah.
(Waktu itu Gilang cuman bisa ngomong ah dasar gajah, ada-ada saja.)

* Sumber: Pamekar Diajar Basa Sunda Pikeun Murid SD/MI Kelas III (Hlm. 20-21)

------
Kumpulan artikel Belajar Bahasa Sunda lainnya LIHAT DI SINI

----------

Baca info wisatajabar.com lainnya di GOOGLE NEWS