Contoh Teks Pidato Perpisahan Sekolah Bahasa Sunda dan Terjemahannya



Berikut ini contoh teks biantara (pidato) acara perpisahan sekolah dalam bahasa Sunda (untuk SMP dan SMA).

Assalamu'alaikum wr. wb.
Sadaya puji kagungan Alloh nu murbéng alam. Solawat sinareng salam mugi dikocorkeun ka jungjunan urang sadaya, Nabi Muhammad saw.


Ibu sareng Bapa Guru hormateun sim kuring. Dinten ieu téh kalintang bagjana kanggo sim kuring saparakanca. Tapi deuih janten dinten anu kalintang pikasediheun. Bagja wiréh sim kuring saparakanca tiasa lulus, sedih da apan sim kuring saparakanca kedah ngantunkeun ieu sakola, ogé ngantunkeun Ibu sareng Bapa Guru.

Ibu sareng Bapa Guru.
Mungguh waktos asa teu karaos jolna sareng miangna. Dina sawangan téh asa kamari sim kuring lebet ka ieu sakola, diasuh ku sepuh. Teras milih-milih réréncangan, milih-milih kabetah, sareng ngalalanyahan mikawanoh guru-guru. Ayeuna, asa sajorélat pisan, geus dugi deui ka ahir taun
katilu. Teu karaos, tos tilu taun sim kuring saparakanca sakola di dieu, ayeuna kedah dikantunkeun.

Salami tilu taun sim kuring nyuprih élmu di dieu, seueur pisan pangalaman-pangalaman anu moal tiasa kahihilapkeun. Boh nu amisna boh nu paitna. Utamina pangalaman-pangalaman diajar sareng Ibu kalih Bapa Guru. Éta sadayana bakal teras nyantél dina panineungan, manjang hikmahna, gedé ajénna.

Atuh tangtos deuih, salami sim kuring diajar di ieu sakola, seueur pisan paripolah sim kuring saparakanca anu matak ngajaheutkeun manah Ibu sareng Bapa Guru. Dalah ku sim kuring saparakanca karaos pisan, ma’lum nuju kumincir. Namung karaos deuih kumaha welas asihna Ibu sareng Bapa ngasuh barudak balangor sapertos sim kuring. Ku margi kitu, mugi Ibu sareng Bapa Guru luntur galih kersa ngahapunten sim kuring saparakanca.

Ibu sareng Bapa Guru hormateun sim kuring.
Teu hilap sim kuring saparakanca nyuhunkeun pidu’a, mugi-mugi sim kuring saparakanca sing teras kersa junun diajar, teras sumanget ngulik harti nyukcruk élmu dugi ka jucungna, ngarah naon anu dicita-citakeun ku sim kuring saparakanca kahontal sareng tinekanan. Neda pidu’a supados sim kuring saparakanca ginulur rahayu, tug dugi ka tiasa mandiri ngokolakeun hirup sorangan.

Bapa, Ibu... 
Wilujeng kantun. Mugi kasaéan Ibu sareng Bapa dina ngadidik sim kuring saparakanca janten amal ibadah ka Alloh SWT. Da sim kuring saparakanca tinangtos moal tiasa males kana éta kasaéan. Mung badé neneda baé ka Gusti Nu Maha Suci, mugi naon-naon anu tos dipasihkeun ku Ibu sareng Bapa kalayan iklas ka sim kuring saparakanca, dipulang ku ganjaran anu manglipet-lipet ageungna.

Wilujeng kantun Ibu. Wilujeng kantun Bapa. Mung du’a anu ku sim kuring diteda sareng sihapunten anu kasuhun. Mugi Gusti nangtayungan.

Wassalamu’alaikum wr. wb.

BACA JUGA:
Daftar Tempat Wisata Favorit Kekinian di Jawa Barat

Dan berikut ini terjemahan dari isi teks pidato perpisahan sekolah dalam bahasa Sunda tersebut:

Assalamu'alaikum wr. wb.
Segala puji milik Allha Swt yang menguasai alam. Solawat dan salam semoga dikucurkan kepada junjungan kita semua, Nabi Muhammad saw.

Ibu dan Bapak Guru yang saya hormati. Hari ini teramat bahagia buat saya dan teman-teman. Tapi hari ini juga menjadi hari yang sangat sedih. Bahagia karena saya dan teman-teman bisa lulus, sedih karena saya dan teman-teman harus meninggalkan sekolah ini, juga meninggalka Ibu dan Bapak Guru.

Ibu dan Bapak Guru.
Sampai waktunya tidak terasa datang dan perginya. Dalam bayangan ini, tidak terasa serasa kemarin saya masuk ke sekolah ini, diasuh sama orang tua. Terus memilih-milih teman, memilih kenyamanan, dan mulai mengenal lebih dekat guru-guru. Sekarang, serasa sekilat sudah sampai lagi ke akhir tahun ketiga. Tidak terasa, sudah tiga tahun saya dan teman-teman bersekolah di sini, sekarang harus ditinggalkan.

Selama tiga tahun saya menempuh ilmu di sini, banyak sekali pengalaman-pengalan yang tidak bisa dilupakan. Baik itu manis maupun pahitnya. Utamanya pengamalan-pengalaman belajar kepada Ibu dan Bapak Guru. Itu semua akan terus menempel dalam kenangan, panjang hikmahnya, besar penghargaannya.

Begitu pun, selama saya belajar di sekolah ini, banyak tingkah laku saya dan teman-teman yang membuat sakit hati Ibu dan Bapak Guru. Bagaimanapun juga saya dan teman-teman merasakan itu semua, maklum kita masih remaja. Namun terasa juga bagaimana kasih sayangnya Ibu dan Bapak Guru dalam mengasuh anak yang nakal seperti saya. Oleh sebab itu, semoga Ibu dan Bapak guru dengan hati yang bersih bisa memaafkan saya dan teman-teman semua.

Ibu dan Bapak Guru yang saya hormati,
Tidak lupa pula saya dan teman-teman memohon doa, semoga saya dan teman-teman terus bisa berhasil dalam belajar, terus semangat mencari ilmu sampai sukses. Mohon doanya supaya saya dan teman-teman hidup dalam kemajua, bisa mandiri, mengelola hidup sendiri.

Bapak dan Ibu
Selamat tinggal. Semoga kebaikan Ibu dan Bapaj dalam mendidik saya dan teman-teman jadi amal ibadah ke Allah SWT. Saya dan teman-teman tentunya tidak bisa membalas semua kebaikan. Hanya doa yang bisa kami sampaikan kepada Tuhan Yang Mahasuci, semoga apa yang diberikan oleh Ibu dan Bapak Guru dengan segala keikhlasan kepada saya dan rekan-reka, diberi imbalan dari-Nya yang berlipat ganda.

Selamat tinggal Ibu, selamat tinggal Bapak. Hanya doa yang bisa saya sampaikan dan beribu maaf. Semoga Tuhan melindungi.

Wassalamu’alaikum wr. wb.

UNDUH TEKS PIDATO DI SINI

------
Kumpulan artikel Belajar Bahasa Sunda lainnya LIHAT DI SINI

----------

Baca info wisatajabar.com lainnya di GOOGLE NEWS