Mengenal Istilah Keagamaan dalam Bahasa Sunda Beserta Contoh Kalimat dan Artinya




Kelompok 1
1. Dina ajaran Islam, sodakoh kaasup kana pagawéan mulya.
(Dalam ajaran Islam, sodakoh termasuk pekerjaan mulia.)
sodakoh = méré duit atawa barang lianna ka anu butuheun
(Sodakoh = memberi uang atau barang lainnya kepada yang membutuhkan.)


2. Rék di mana waé cicing, urang kudu hadé ahlak.
(Mau dimana pun tinggal, kita harus baik akhlak.)
ahlak = kalakuan, atawa laku lampah manusa
(akhlak = kelakuan atau perbuatan manusia.)

3. Urang wajib iman kana ajaran nu dicandak ku para nabi.
(Kita wajib iman kepada ajaran yang dibawa oleh para nabi.)
iman = percaya
(iman = percaya)

4. Jalma nu taat ka Alloh bakal salamet dunya ahérat.
(Manusia yang taat kepada Allah akan selamat dunia akhirat.)
taat = tumut atawa nurut, teu ngabantah
(taat = menurut, tidak membantah)

5. Muga-muga pamaksudan urang dikobul ku Gusti Nu Maha Suci.
(Semoga segala maksud kita dikabul oleh Allah Yang Maha Suci.)
dikobul = dicumponan paménta ku Gusti Alloh
(dikabul = diterima perimntaan oleh Allah Swt.)

Kelompok 2
1. Unggal taun ogé Bapa Sutisna mah sok qurban.
(Tiap tahun juga Baak Sutisna suka qurban.)
qurban = ibadah dina poéan Idul Adha, ku cara meuncit sato (domba, embé, sapi, atawa munding)
(qurban = ibadah di hari Idul Adha dengan cara menyembelih hewan [domba, kambing, sapi, atau kerbau.)

2. Geura saré atuh, bisi engké kabeurangan saur geura.
(Cepet tidur dong, nanti takut sahurnya kesiangan.)
saur = dahar jeung nginum dina waktu janari saméméh ngalaksanakeun puasa
(sahur = makan dan minum pada dini hari sebelum melaksanakan puasa.)

3. Ti masjid kadéngé sora Uwa Dodo keur tadarus.
(Dari masjid terdengar suara Uwa Dodo sedang tadaur.)
tadarus = maca Quran
(tadarus = membaca Quran)

4. Anu rék sarolat Idul Fitri di lapang marawa sajadah.
(Yang mau salat Idul Fitri di lapang membawa sajadah.)
sajadah = alas paranti solat
(sajadah = alas untuk salat)

5. Lampu di munara mani ngempray caang ka jauhna.
(Lampu di menara menyala terang sampai jauh.)
munara = babagian masjid anu pangluhurna, paranti neundeun spiker
(menara = bagian masjid paling tinggi, tempat menyimpan pengeras suara.)

Kelompok 3
1. Dina waktu asup ka kelas murid kelas opat sok maca salam.
(Saat masuk kelas murid kelas empat suka mengucap salam.)
maca salam = ngucapkeun assalamu’alaikum
(ucap salam = mengucapkan assalamu’alaikum)
 
2. Ari kasebutna insan mah sok aya waé salahna.
(Yang disebut manusia ada saja salahnya.)
insan = manusa
(insan = manusia)

3. Néangan élmu téh hukumna wajib pikeun sakabéh jalma.
(Mencari ilmu hukumnya wajib bagia semua manusia.)
wajib = pagawéan anu lamun dilaksanakeun bakal meunang pahala, lamun teu dilaksanakeun bakal meunang siksa
(wajib = pekerjaan yang kalau dilaksanakan mendapat pahala, kalau tidak dilaksanakan mendapat siksa.)

4. Ayeuna mah di saban kantor sok aya waé musola.
(Sekarang di setiap kanto biasa ada musola.) 
musola = tempat solat
(musola = tempat solat)

5. Sakur amal di dunya bakal diitung di poé ahérat jaga.
(Setiap amal di dunia akan dihitung nanti di akhirat.)
amal = pagawéan
(amal = perbuatan)

Kelompok 4
1. Saméméh maca Quran kudu ngucapkeun heula taud.
(Sebelum membaca Al-Quran harus mengucapkan dulu taud.)
taud = ngucapkeun audubillahiminasaitonirojim
(taud = mengucapkan audubillahiminasaitonirojim)

2. Béas hasil jakat pitrah di RW 12 aya genep kintal.
(Beras hasil zakat fitrah di RW 12 ada enam kuintal.)
jakat pitrah = jakat anu dikaluarkeun dina poé Lebaran
(zakat fitrah = zakat yang dikeluarkan di hari Lebaran)

3. Ieu acara urang tutup ku maca hamdalah sasarengan.
(Acara ini kita tutup dengan membaca hamdalah bersama.)
maca hamdallah = ngucapkeun alhamdulillah
(membaca hamdalah = mengucapkan alhamdulillah)

4. Sadaya ibu guru di sakola abdi sok nganggo jilbab.
(Semua ibu guru di sekolah saya suka pakai jilbab.)
jilbab = kurudung
(jilbab = kerudung)

5. Tajil téh ukur nginum cai hérang gé teu nanaon.
(Tajil cukup minum air putih juga tidak apa-apa.)
tajil = ngabatalan puasa
(tajil = membatalkan puasa)

* Sumber: Pamekar Diajar Basa Sunda Pikeun Murid SD/MI Kelas IV (Hlm. 7-8)

------
Kumpulan artikel Belajar Bahasa Sunda lainnya LIHAT DI SINI

----------

Baca info wisatajabar.com lainnya di GOOGLE NEWS