Contoh Dialog Bahasa Sunda di Lingkungan Sekolah



Untuk lebih mengasah dalam belajar bahasa Sunda, berikut ini contoh percakapan Bahasa Sunda di lingkungan sekolah. Ini merupakan contoh dialog dengan teman akrab, dimana bahasa yang digunakan bahasa loma (biasa/setara) antara dua orang siswa.
 

Asep: "Jang, jadi teu engké balik sakola urang meuli buku téa?"
(Jang, nanti jadi tidak nanti pulang sekolah beli buku?)

Ujang: "Hayu waé. Tapi soré nya? Urang aya rapat OSIS heula geus lohor."
(Ayo saja. Tapi sore ya? Saya ada rapat OSIS dulu sudah dzuhur.)

Asep:"Aya rapat naon kitu?"
(Ada rapat apa gitu?)

Ujang: "Eta rapat soal karyawisata téa engké liburan."
(Itu rapat soal karyawisata nanti liburan)

Asep:"Oh.. Nepi jam sabaraha rapatna?"
(Oh... sampai jam berapa rapatnya?)

Ujang: "Sakeudeung. Paling nepi jam 2."
(Sebentar. Paling sampai jam 2)

Asep: "Nya geus atuh, ku urang ditungguan. Bari nungguan, urang rék maén baskét heula jeung barudak. Améh bareng ka toko bukuna."
(Ya sudah, nanti saya tunggu. Sambil nunggu, saya mau main basket dulu dengan anak-anak. Supaya bareng nanti ke toko bukunya).

Ujang: "Nya atuh ari kitu mah. Eh...ari persiapan keur kemping minggu hareup téa kumaha?"
(Iya kalau begitu. Eh...kalau persiapan buat kempaing minggu depan gimana?)

Lihat juga:
Daftar tempat wisata favorit kekinian di Jawa Barat

Asep: "Eh, enya. Si Dadan cenah teu bisa milu. Paling jadina urang, manéh, Andri, Ihsan, jeung Maman."
(Eh, iya. Si Dadan katanya tidak bisa ikut. Paling jadinya: saya, kamu, Andri, Ihsan, sama Maman)

Ujang: "Ku  naon cenah si Dadan bet teu bisa milu?"
(Kenapa katanya si Dadan jadi gak ikut?)

Asep: "Cenah, malem minggu téh rék indit jeung kulawargana ka Jakarta."
(Katanya, malam minggu nanti dia mau berangkat bareng keluarganya ke Jakarta.)

Ujang: "Oh. Nya baé sakituan gé. Ari ténda kumaha jadina maké nu saha?"
(Oh, Ya gak apa-apa segitu juga. Kalau tenda gimana jadinya pake yang siapa?)

Asep:"Maké nu si Andri cenah. Ukuranna lumayan gedé."
(Pake yang si Andri katanya. Ukurannya lumayan besar)

Ujang: "Ari urang kabagéan mawa naon?"
(Kalau saya kebagian bawa apa?)

Asep:"Manéh mah kabagéan mawa gitar, panci, jeung suluh."
(Kamu kebagian bawa gitar, panci, dan kayu bakar)

Ujang: "Siap. Engké ku urang disiapkeun. Geus nya urang rék ruang OSIS heula mawa dokumén."
(Siap. nanti saya siapkan. Sudah ya, saya mau ke ruang OSIS dulu bawa dokumen.)

Asep:"Nya. Ku urang ditungguan jam 2 di kantin tukang nya?"
(Iya. Nanti saya tunggu jam 2 di kantin belakang ya?)

Ujang"Okéh siap!"
(Oke siap)

------
Kumpulan artikel Belajar Bahasa Sunda lainnya LIHAT DI SINI

----------

Baca info wisatajabar.com lainnya di GOOGLE NEWS